MUSUHNA MANUSA
oleh: Fahrevi Firdaus, S.Sos (Bid. KOMINFO PD Pemuda PERSIS Kab Bandung)
وَكَذٰلِكَ جَعَلْنَا لِكُلِّ نَبِيٍّ عَدُوًّا شَيٰطِيْنَ الْاِنْسِ وَالْجِنِّ يُوْحِيْ بَعْضُهُمْ اِلٰى بَعْضٍ زُخْرُفَ الْقَوْلِ غُرُوْرًا ۗوَلَوْ شَاۤءَ رَبُّكَ مَا فَعَلُوْهُ فَذَرْهُمْ وَمَا يَفْتَرُوْنَ
Nya kitu deui, pikeun saban-saban Nabi Kami ngajadikeun musuh ti bangsa sétan anu mangrupa manusa jeung jin. Sabagian ti maranéhna sok silih haréwoskeun ka sabagianana deui ucapan-ucapan nu alus pikeun nipu (batur). Lamun pangérang hidep (Muhammad) ngersakeun mah, tangtu maranéhna moal migawé ka nu kitu. Ku kituna, atuh antep baé maranéhna mah jeung naon-naon nu dijieun-jieun ku maranéhna (Al-An‘ām [6]:112).
Ayat ieu nguningakeun rehna Rasulullah ﷺ ngagaduhan musuh anu teu weléh nengtang. Numawi kajadian ieu gé sarua kaalaman ku Nabi-Nabi saacanna nu mana ulah tepika jadi nyeri haté ku kaayaanna, mangka Imam Ibnu Katsir ngajelaskeun sakumaha anu dicarioskeun ku Waraqah bin Naufal nalika Rasulullah ﷺ disumpingan Jibril di Gua hira (Tafsir al-Qur’an al-‘Adzim, Ibnu Katsir, IV: 318-319).
... فَقَالَ رَسُولُ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ أَوَمُخْرِجِيَّ هُمْ قَالَ نَعَمْ لَمْ يَأْتِ رَجُلٌ قَطُّ بِمِثْلِ مَا جِئْتَ بِهِ إِلَّا عُودِيَ ...
...Rasulullah shallallahu 'alaihi wasallam naros ka Waroqoh bin Naufal: "Naon pangna kaula bakal diusir ku maranéhna?" Waroqoh ngawaler: "Sumuhun. Kusabab moal aya saha waé gé nu bisa sarua jeung nu di alaman sakumaha naon-naon nu ku anjeun karandapan ieu kajaba bakal dipikanyeri (dimusuhan) (HR. Bukhari)... Qatadah nguningaan ngeunaan ayat ieu téh yén sétan-sétan nu dipimaksad nyaéta aya ti golongan jin jeung manusa nu mana maranéhna téh ngaharéwos ka nu lianna.
يٰبَنِيْٓ اٰدَمَ لَا يَفْتِنَنَّكُمُ الشَّيْطٰنُ كَمَآ اَخْرَجَ اَبَوَيْكُمْ مِّنَ الْجَنَّةِ يَنْزِعُ عَنْهُمَا لِبَاسَهُمَا لِيُرِيَهُمَا سَوْءٰتِهِمَا ۗاِنَّهٗ يَرٰىكُمْ هُوَ وَقَبِيْلُهٗ مِنْ حَيْثُ لَا تَرَوْنَهُمْۗ اِنَّا جَعَلْنَا الشَّيٰطِيْنَ اَوْلِيَاۤءَ لِلَّذِيْنَ لَا يُؤْمِنُوْنَ
Hé anak-incu Adam, kadé pisan aranjeun ulah rék beunang katipu ku sétan, sakumaha manéhna (sétan) geus ngaluarkeun indung-bapa aranjeun ti sawarga. Manéhna (sétan) geus ngarangsadan pakaian aranjeunna duaan pikeun ningalikeun oratna ka aranjeunna sorangan. Sabenerna manéhna (sétan) jeung wadyabaladna bisa nénjo ka aranjeun kabéh, ti tempat nu ku aranjeun teu bisa nénjo ka maranéhna (sétan jeung wadyabaladna). Sabenerna Kami geus ngajadikeun sétan-sétan (minangka) anu nulungan ka jalma-jalma anu henteu iman.” (QS. Al-A’raf: 27).
قَالَ فَبِمَآ اَغْوَيْتَنِيْ لَاَقْعُدَنَّ لَهُمْ صِرَاطَكَ الْمُسْتَقِيْمَۙ ثُمَّ لَاٰتِيَنَّهُمْ مِّنْۢ بَيْنِ اَيْدِيْهِمْ وَمِنْ خَلْفِهِمْ وَعَنْ اَيْمَانِهِمْ وَعَنْ شَمَاۤىِٕلِهِمْۗ وَلَا تَجِدُ اَكْثَرَهُمْ شٰكِرِيْنَ
(Iblis) nyarita deui, “Kumargi Gusti parantos nyasarkeun ka abdi, atuh abdi badé leres-leres ngahalang-ngahalang maranéhna tina jalan Gusti anu lempeng. Salajengna abdi leres-leres badé ngadongkapan maranéhna ti hareup, ti tukang, ti katuhu jeung tina kéncaeunana sareng Gusti moal bakal mendak kaseuseueuranana ti maranéhna anu sukuran (kana ni’mat Gusti) (QS. Al-A’raf: 16-17).
Dina Tafsir Ibnu Katsir diuningakeun réhna sapalih Ulama Nahwu nguningakeun anu dicarioskeun ku Iblis ieu téh makna-na sumpah ka Alloh, jadi tegesna mah Iblis nyalahkeun yén kasesatan ieu téh alatan Gusti tos megatkeun ka manéhna mangka rék dihalangan sakumna manusa tina jalan Alloh anu lempeng (Tafsir al-Qur’an al-‘Adzim, Ibnu Katsir, III: 394).
عَنْ سَبْرَة بْنِ أَبِي فَاكِه قَالَ: سَمِعْتُ رَسُولَ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وسلم يَقُولُ: "إِنَّ الشَّيْطَانَ قَعَدَ لِابْنِ آدَمَ بِطُرُقِهِ، فَقَعَدَ لَهُ بِطَرِيقِ الْإِسْلَامِ، فَقَالَ: أَتُسْلِمُ وَتَذَرُ دِينَكَ وَدِينَ آبَائِكَ؟ ". قَالَ: "فَعَصَاهُ وَأَسْلَمَ". قَالَ: "وَقَعَدَ لَهُ بِطَرِيقِ الْهِجْرَةِ فَقَالَ: أَتُهَاجِرُ وَتَدَعُ أَرْضَكَ وَسَمَاءَكَ، وَإِنَّمَا مَثَلُ الْمُهَاجِرِ كَالْفَرَسِ فِي الطّوَل؟ فَعَصَاهُ وَهَاجَرَ، ثُمَّ قَعَدَ لَهُ بِطَرِيقِ الْجِهَادِ، وَهُوَ جِهَادُ النَّفْسِ وَالْمَالِ، فَقَالَ: تُقَاتِلُ فَتُقْتَلُ، فَتُنْكَحُ الْمَرْأَةُ وَيُقَسَّمُ الْمَالُ؟ ". قَالَ: "فَعَصَاهُ، فَجَاهَدَ". قَالَ رَسُولُ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ: "فَمَنْ فَعَلَ ذَلِكَ مِنْهُمْ فَمَاتَ، كَانَ حَقًّا عَلَى اللَّهِ أَنْ يُدْخِلَهُ الْجَنَّةَ، أَوْ قُتِلَ كَانَ حَقًّا عَلَى اللَّهِ، عَزَّ وَجَلَّ، أَنْ يُدْخِلَهُ الْجَنَّةَ، وَإِنْ غَرِقَ كَانَ حَقًّا عَلَى اللَّهِ أَنْ يُدْخِلَهُ الْجَنَّةَ، أَوْ وَقَصته دَابَّةٌ كَانَ حَقًّا عَلَى اللَّهِ أَنْ يَدْخُلَهُ الْجَنَّةَ"
Hadist katampi ti Sabrah bin Abi Fakih anjeunna nyarios, satemenna kantos ngadangu dawuhan Rasulullah Saw: Saéstuna sétan sok diuk ngahalangan jalan katurunan Adam tina jalan kaislaman, sétan ngomong: naha anjeun areuk asup Islam sarta ninggalkeun agama anjeun (saacanna) nyaéta agama warisan ti kolot? Ngan manéhna teu nuturkeun kana gogoda éta. Tuluy digoda deui: naha anjeun daék hijrah ogé luas pikeun ninggalkeun lembur sorangan? Saéstuna ibarat jelema nu hijrah téh jauhna sarua jeung anu indit ka nagri Pérsia! Ngan manéhna durhaka kana gogoda éta. Digoda deui nalika ngajalankeun Jihad nyaéta ngalangkungan nyawa jeung harta banda, pok nyarita éta Sétan: Anjeun arék jihad?, anu anggeur ngké na anjeun bakal paéh, pamajikan bakal ditikah ku batur ogé harta anjeun bakal dibagi-bagikeun! Ngan manéhna teu nurut kana gogoda éta. Mangka Rasulullah Saw ngadawuh: Sing saha nu ngalakukeun hal éta tuluy manéhna maot ku musuh, pasti ku Alloh bakal diasupkeun ka sawarga. Oge lamun tilelep, Alloh jangji diasupkeun ka sawarga. Oge lamun katéjéh ku onta (tepika maot) bakal diasupkeun ka sawarga (HR. Ahmad).
اِنَّهٗ لَيْسَ لَهٗ سُلْطٰنٌ عَلَى الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَلٰى رَبِّهِمْ يَتَوَكَّلُوْنَ
Saenyana sétan téh teu bogaeun pangaruh ka jalma-jalma anu iman jeung tawekal ka Pangéranana (An-Nahl [16]:99).
اِلَّا عِبَادَكَ مِنْهُمُ الْمُخْلَصِيْنَ
iwal ti hamba-hamba Gusti anu ihlas ti antawis maranéhna.” (al-Hijr [15]: 40).
اِنَّمَا سُلْطٰنُهٗ عَلَى الَّذِيْنَ يَتَوَلَّوْنَهٗ وَالَّذِيْنَ هُمْ بِهٖ مُشْرِكُوْنَ ࣖ
Saenyana mah pangaruh sétan téh ngan ukur ka jalma-jalma anu ngajadikeun manéhna minangka pamingpin jeung ka jalma-jalma nu jadi musrik alatan tipu dayana (An-Naḥl [16]:100).
Mujahid ngajelaskeun, lafadz yatawallaunahu maksadna jalmi-jalmi nu taat ka sétan. Ti sagédéngeun éta nu sanésna nyaéta sétan téh dijadikeun nu nulunganna lainna Alloh Swt.
]وَالَّذِيْنَ هُمْ بِهٖ مُشْرِكُوْنَ[, أي: أَشرَكُوهُ فِي عِبَادَةِ اللَّهِ تَعَلَى. وَيَحتَمِلُ أَن تَكُونَ البَاءُ سَبَبِييَّةِ, أَي: صَارُوا بِسَبَبِ طَاعَتُهُم لِلشَيَطِينَ مُشرِكِينَ بِاللَّهِ تَعَلَى
[minangka pamingpin jeung ka jalma-jalma nu jadi musrik alatan tipu dayana], nyaéta maranéhna sarimbang sétan jeung Alloh dina ibadahna. Jeung tiasa nakwilkeun yén huruf ha dina ayat ieu makna-na sababiyah, nyaéta ku sabab maranéhna ka sétan (dituturkeun) tepika maranéhna jadi jalma-jalma nu syirik ka Alloh. Ulama nu lianna ngamaknaan ayat ieu téh ngabalad jeung sétan téh dina harta jeung katurunan (Tafsir al-Qur’an al-‘Adzim, Ibnu Katsir, IV: 602-603).
۞ يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لَا تَتَّبِعُوْا خُطُوٰتِ الشَّيْطٰنِۗ وَمَنْ يَّتَّبِعْ خُطُوٰتِ الشَّيْطٰنِ فَاِنَّهٗ يَأْمُرُ بِالْفَحْشَاۤءِ وَالْمُنْكَرِۗ وَلَوْلَا فَضْلُ اللّٰهِ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَتُهٗ مَا زَكٰى مِنْكُمْ مِّنْ اَحَدٍ اَبَدًاۙ وَّلٰكِنَّ اللّٰهَ يُزَكِّيْ مَنْ يَّشَاۤءُۗ وَاللّٰهُ سَمِيْعٌ عَلِيْمٌ
Hé jalma-jalma anu iman, aranjeun ulah nuturkeun léngkah sétan! Saha anu nuturkeun léngkah sétan, nya sabenerna manéhna (sétan) mah maréntahkeun (manusa migawé pagawéan) anu jahat jeung mungkar. Lamun téa mah lain lantaran kurnia Allah jeung rahmat-Na ka maranéh, tangtu moal aya saurang ogé ti antara maranéh anu beresih (tina éta pagawéan anu jahat jeung mungkar) salawasna. Tapi, Allah ngaberesihan saha baé nu dikersakeun ku Mantenna. Allah Maha Ngadangu (tur) Mahauninga (An-Nūr [24]:21).