PAGAWE JEUNG DUNUNGAN

13 Mar 2026

SILIH NGAJAGA HAK JEUNG KAWAJIBAN, BABARENGAN KA SAWARGA

Hirup di dunya henteu bisa leupas tina hubungan silih gumantung. Aya anu mimpin, aya anu ngalaksanakeun. Aya dunungan, aya pagawe. Tapi dina Islam, hubungan ieu sanés ukur hubungan kontrak dunya, tapi ogé hubungan tanggung jawab akhirat.

Dunungan jeung pagawe henteu saukur silih butuh dina urusan usaha, tapi silih bantu dina jalan takwa. Lamun duanana ngajaga hak jeung kawajiban masing-masing, mangka hubungan gawé henteu ukur ngahasilkeun kauntungan dunya, tapi ogé jadi jalan babarengan ka sawarga.

 

 

A.     DUNUNGAN KA PAGAWE

1.        Ngamanusakeun manusa

Islam netelakeun yén unggal manusa boga martabat. Allah ngadawuh:

يا أَيُّهَا النَّاسُ إِنَّا خَلَقْناكُمْ مِنْ ذَكَرٍ وَأُنْثى ، وَجَعَلْناكُمْ شُعُوباً وَقَبائِلَ لِتَعارَفُوا ، إِنَّ أَكْرَمَكُمْ عِنْدَ اللَّهِ أَتْقاكُمْ .. الآية.

“Yeuh manusa! Saestuna Kami ngajadikeun maraneh ti hiji lalaki jeung hiji awewe, jeung Kami geus ngajadikeun maraneh sababaraha bangsa jeung sababaraha golongan, supaya maraneh silihpikawanoh. Saestuna jalma anu pangmulya-mulyana mungguhing Alloh mah nya anu pangtakwana ti antara maraneh. …” (QS. Al-Hujurat [49]: 13)

Ayat ieu ngingetan yén pagawe téh lain saukur “buruh” atawa “karyawan”, tapi manusa anu boga harga diri. Ulah aya rasa sombong alatan jabatan, sabab kamulyaan di sisi Allah lain kusabab dunungan atawa pagawe, tapi kusabab takwa.

Dunungan anu hade bakal ningali pagawe minangka dulur dina iman, mitra dina usaha, lain alat produksi anu bisa dipaké sakahayangna.

 

2.      Maparin gajih anu sakuduna jeung dina waktuna

Allah ngadawuh:

... فَإِنْ أَرْضَعْنَ لَكُمْ فَآتُوهُنَّ أُجُورَهُنَّ ... .

“… Nya upama maranehna nyusuan ka (anak) maraneh, maraneh kudu mere upahna ka maranehna; …” (QS. Ath-Thalaq [65]: 6)

Sareng Rasulullah ﷺ ngingetan:

أَعْطُوا الأَجِيرَ أَجْرَهُ قَبْلَ أَنْ يَجِفَّ عَرَقُهُ.

“Pasrahkeun ku aranjeun ka pagawe gajihna sateuacan kesangna garing.” (HR. Ibnu Majah)

مَطْلُ الْغَنِيِّ ظُلْمٌ.

“Talangke kana kawajiban (pikeun anu mampuh) mangrupakeun kadzoliman.” (HR. Al-Bukhori kalih Muslim)

 

لَيُّ الْوَاجِدِ يُحِلُّ عِرْضَهُ وَعُقُوبَتَهُ.

“Jalma anu ngamomorekeun kawajiban, halal kahormatanana sarta pantes meunang hukuman.” (HR. Abu Dawud, An-Nasai, kalih Ibnu Majah)

Gajih téh lain kahadean dunungan, tapi hak pagawe. Nunda-nunda bayaran padahal mampuh téh kaasup kadzaliman. Dina hadis séjén disebutkeun yén jalma anu ngamomorekeun kawajiban, halal kahormatanna sarta pantes meunang hukuman.

Hartina, Islam ngajarkeun profesionalisme jeung keadilan. Dunungan anu soleh moal ngarasa rugi ku mayar hak pagawe, sabab yakin yén rejeki asalna ti Allah.

 

3.      Miara kamulyaanana

Allah maréntahkeun:

وَاعْبُدُوا اللَّهَ وَلا تُشْرِكُوا بِهِ شَيْئاً وَبِالْوالِدَيْنِ إِحْساناً وَبِذِي الْقُرْبى وَالْيَتامى وَالْمَساكِينِ وَالْجارِ ذِي الْقُرْبى وَالْجارِ الْجُنُبِ وَالصَّاحِبِ بِالْجَنْبِ وَابْنِ السَّبِيلِ وَما مَلَكَتْ أَيْمانُكُمْ إِنَّ اللَّهَ لا يُحِبُّ مَنْ كانَ مُخْتالاً فَخُوراً.

“Jeung prak maraneh geura aribadah ka Alloh, jeung ulah nyarekatkeun Alloh kana naon bae oge, jeung kudu hade lampah ka indung bapa, ka baraya anu dareukeut, ka barudak yatim, ka jalma-jalma miskin, ka tatangga anu dareukeut jeung ka tatangga anu jarauh, ka batur sapergaulan, ka nu bareakeun bekel di panyabaan jeung ka abid-abid cangkingan maraneh. Saenyana Alloh henteu micinta jalma-jalma anu bedegong lampahna jeung anu gedebul omongna.” (QS. An-Nisa [4]: 36)

Rasulullah ﷺ ngadawuh:

 عن أبي ذر، قال رسول الله صلى الله عليه وسلم: "... هُمْ إخْوَانُكُمْ وَخَوَلُكُمْ جَعَلَهُمُ الله تَحْتَ أيديكُمْ، فَمَنْ كَانَ أَخُوهُ تَحْتَ يَدِهِ ، فَلْيُطْعِمْهُ مِمَّا يَأكُلُ ، وَلْيُلْبِسْهُ مِمَّا يَلْبَسُ ، وَلا تُكَلِّفُوهُمْ مَا يَغْلِبُهُمْ ، فَإنْ كَلَّفْتُمُوهُمْ فَأَعِينُوهُمْ."

Ti Abu Dzar Rodliyallohu ‘anhu, Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “… Maranehna teh dulur-dulur lalaki jeung dulur-dulur awewe-awewe aranjeun. Alloh parantos ngajantenkeun maranehna dina kakawasaan aranjeun. Saha bae anu dulurna aya dina kakawasaanana, mangka paparin manehna tuang tina perkara anu ku anjeun dituang, paparin maranehna raksukan tina perkara anu ku anjeun dianggo, sarta ulah ngabebanan maranehna perkara anu henteu marampuheun. Nalika aranjeun maparinan maranehna padamelan anu beurat, mangka prak tulungan maranehna.” (HR. Al-Bukhori kalih Muslim)

Hadis ieu luar biasa. Islam geus netelakeun prinsip kesejahteraan jeung perlindungan pagawe ti baheula pisan. Ulah ngabebanan pagawe di luar kamampuhna. Lamun tugasna beurat, tulungan. Lamun aya kasalahan, benahan kalayan hikmah.

Hubungan gawé anu dieusi ku rahmah bakal melahirkan kasatiaan, sedengkeun hubungan anu dieusi ku kasar jeung adigung bakal nimbulkeun jarak jeung kabencian.

 

4.      Nangtoskeun gajihan sateuacan ngadamelkeun

ثَلَاثَةٌ أَنَا خَصْمُهُمْ يَوْمَ الْقِيَامَةِ : رَجُلٌ أَعْطَى بِي ثُمَّ غَدَرَ , وَرَجُلٌ بَاعَ حُرًّا فَأَكَلَ ثَمَنَهُ , وَرَجُلٌ اسْتَأْجَرَ أَجِيرًا فَاسْتَوْفَى مِنْهُ وَلَمْ يُعْطِهِ أَجْرَهُ.

“Tilu golongan jalma dina poe kiyamah anu kaula [Rosululloh Saw.] baris ngamusuhanana: [1]Saurang jalma anu jangji satia ka kaula tuluy manehna ingkar, [2]saurang jalma anu ngajual beulikeun jalma merdeka tuluy manehna ngahakan batina, sarta [3]saurang jalma ngadamelkeun anu buburuh, nalika padamelanana rengse, mangka manehna henteu masrahkeun bayaranana.” (HR. Al-Bukhori)

Ieu ancaman anu beurat. Hartina, masalah upah téh lain saukur urusan administrasi, tapi urusan iman.

 

B.     PAGAWE KA DUNUNGAN

Lamun dunungan boga kawajiban, pagawe ogé boga tanggung jawab.

1.        Didamel kalawan ikhlas kalih amanah

إِنَّ اللَّهَ يَأْمُرُكُمْ أَنْ تُؤَدُّوا الْأَمَانَاتِ إِلَى أَهْلِهَا ... .

“Saenyana Alloh nimbalan ka maraneh sangkan maraneh nyampurnakeun amanat ka ahlina (anu boga hak), …” (QS. An-Nisa [4]: 58)

Pagawe kudu ngalaksanakeun tugas kalayan jujur. Jam gawé lain pikeun dipalingkeun kana hal anu teu aya patalina jeung padamelan. Amanah téh lain ukur dina duit, tapi dina waktu jeung tanggung jawab.

 

2.      Ikhtiyar ngahalalkeun gajih

Rasulullah ﷺ ngadawuh:

عَنِ الْمِقْدَامِ رَضِي اللَّه عَنْه عَنْ رَسُولِ اللَّهِ صَلَّى اللَّه عَلَيْهِ وَسَلَّمَ قَالَ: ((مَا أَكَلَ أَحَدٌ طَعَامًا قَطُّ خَيْرًا مِنْ أَنْ يَأْكُلَ مِنْ عَمَلِ يَدِهِ وَإِنَّ نَبِيَّ اللَّهِ دَاوُدَ عَلَيْهِ السَّلَام كَانَ يَأْكُلُ مِنْ عَمَلِ يَدِهِ)) رواه البخاري.

Ti Al-Miqdam Rodliyallohu ‘anhu, ti Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam anjeunna ngandika, “Henteu aya anu leuwih hade batan saurang jalma anu barang tuang tina hasil padamelanana. Estu Nabi Alloh nyaeta Daud ‘alaihis salam kabuktosan anjeunna tuang tina hasil usahana.” (HR. Al-Bukhori)

Gajih bakal jadi berkah lamun dihasilkeun ku usaha anu jujur jeung maksimal. Ulah aya niat pikeun ngamangpaatkeun kalemahan sistem, sabab Allah Maha Ningali.

 

3.      Tetep ibadah ka Alloh

Allah nyebutkeun ngeunaan jalma-jalma anu henteu lalawora ku dagang tina dzikir jeung shalat.

رِجالٌ لا تُلْهِيهِمْ تِجارَةٌ وَلا بَيْعٌ عَنْ ذِكْرِ اللَّهِ وَإِقامِ الصَّلاةِ وَإِيتاءِ الزَّكاةِ يَخافُونَ يَوْماً تَتَقَلَّبُ فِيهِ الْقُلُوبُ وَالْأَبْصارُ.

“Pirang-pirang jalma anu alatan jual-beuli jeung dagang maranehna henteu bisa poho tina eling ka Alloh, tina ngadegkeun sholat, jeung tina nyumponan jakat, anu sarieun kana hiji poe anu dina poe eta teh hate jeung tetenjoan jadi goncang.” (QS. An-Nur [24]: 37)

 

لِيَجْزِيَهُمُ اللَّهُ أَحْسَنَ ما عَمِلُوا وَيَزِيدَهُمْ مِنْ فَضْلِهِ وَاللَّهُ يَرْزُقُ مَنْ يَشاءُ بِغَيْرِ حِسابٍ.

“Alloh bakal maparin ganjaran anu leuwih hade batan anu geus dilampahkeun ku maranehna, jeung Anjeunna nambahan deui tina kurnia-Na pikeun maranehna, karana Alloh maparin rejeki ka sing saha anu dikersakeun ku Anjeunna tanpa wilangan.” (QS. An-Nur [24]: 38)

Gawé penting, tapi ibadah leuwih utama. Pagawe anu ngajaga shalatna bakal dijaga ku Allah dina rejekina.

 

4.      Ngalaksanakeun jangji

يا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا أَوْفُوا بِالْعُقُودِ ... .

“Yeuh jalma-jalma anu ariman! Geura cumponan pasini maraneh … .” (QS. Al-Maidah [5]: 1)

Kontrak gawé téh pasini. Ulah dilanggar. Ulah sok datang telat, ulah ngalakukeun padamelan asal-asalan.

 

5.      Jujur kana kaahlian sarta sumanget dina ngaronjatkeunana

Nabi Yusuf ‘alaihissalam masihan conto profesionalisme:

قالَ اجْعَلْنِي عَلى خَزائِنِ الْأَرْضِ إِنِّي حَفِيظٌ عَلِيمٌ.

“Pok Yusup nyarita [ka raja]: ‘Mugi abdi diangkat jadi bendaharawan nagara [Mesir], sayaktosna abdi jalma anu tiasa ngajagi turta gaduh pangaweruh’.” (QS. Yusuf [12]: 55)

 

وَكَذلِكَ مَكَّنَّا لِيُوسُفَ فِي الْأَرْضِ يَتَبَوَّأُ مِنْها حَيْثُ يَشاءُ نُصِيبُ بِرَحْمَتِنا مَنْ نَشاءُ وَلا نُضِيعُ أَجْرَ الْمُحْسِنِينَ.

“Jeung nya kitu Kami [Alloh] geus maparin kalungguhan anu luhur ka Yusup di ieu bumi [Mesir], manehna meunang matuh di mana wae sasukana. Kami namplokkeun kurnia Kami ka sing saha anu dikersakeun ku Kami, jeung Kami moal ngaleungitkeun pahala jalma-jalma anu ngalampahkeun kahadean.” (QS. Yusuf [2]: 56)

 

وَلَأَجْرُ الْآخِرَةِ خَيْرٌ لِلَّذِينَ آمَنُوا وَكانُوا يَتَّقُونَ.

“Jeung saestuna pahala aherat teh leuwih hade pikeun jalma-jalma anu ariman jeung anu salawasna tarakwa.” (QS. Yusuf [12]: 57)

Jujur kana kamampuan, terus ningkatkeun kaahlian. Jalma anu profesional jeung takwa bakal diangkat darajatna ku Allah.

 

6.      Ngalaksanakeun kawajiban sateuacan nyuhunkeun hak

Hadis nyebutkeun:

أد الأمانة إلى من ائتمنك و لا تخن من خانك

“Cumponan amanah ka jalma anu maparinkeunana sarta anjeun henteu meunang khianat ka jalma anu ngakhianatan anjeun.” (HR. At-Tirmidzi kalih Abu Dawud)

Pagawe anu hade moal sok nungtut hak bari lalawora kana kawajiban. Sabab Islam ngajarkeun keseimbangan.

 

7.      Maksimal dina barang damel

“Estu Alloh mikacinta salah sawios ti antawis aranjeun anu midamel padamelan, lajeng anjeunna ngahadekeun padamelanana.” (Hadis hasan lighairihi, Ash-shahihah: 1113)

Taat aturan perusahaan bagian tina disiplin. Disiplin bagian tina iman.

 

8.      Taat aturan

يا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا أَطِيعُوا اللَّهَ وَأَطِيعُوا الرَّسُولَ وَأُولِي الْأَمْرِ مِنْكُمْ ... .

“Yeuh, jalma-jalma anu ariman! Geura tarumut maraneh ka Alloh jeung ka Rosul, jeung ka nu nyekel kakawasaan di antara maraneh … .” (QS. An-Nisa [4]: 59)

 

Babarengan Ka Sawarga

Lamun dunungan adil, pagawe amanah; dunungan welas asih, pagawe ikhlas; dunungan mayar hak, pagawe ngalaksanakeun kawajiban — mangka gawé jadi ibadah.

Hubungan gawé jadi jalan takwa. Usaha jadi ladang amal. Gajih jadi berkah. Lingkungan gawé jadi tempat nu pinuh ku kamanusaan.

Dunya meunang, akhirat kasalametkeun.

Mugia Allah ngajadikeun urang sadayana — boh dunungan boh pagawe — jalma-jalma anu silih ngajaga hak jeung kawajiban, silih hormat, silih doakeun, sarta babarengan ngaléngkah ka sawarga.

 

Wallohu A’lam. Hanafi Anshory.